Kabuyutan

Istilah kabuyutan dina budaya Sunda sahanteuna geus aya ti munggaran abad ka-11 M. Prasasti Cibadak nu dijieun kira taun 1006-1016 M, ngunggelkeun yén Prabu Sri Jayabupati (salaku Raja Sunda) geus netepkeun sawaréh ti wewengkon walungan Sanghyang Tapak (waktu harita) salaku kabuyutan, nyaéta tempat nu mibanda pantangan nu kudu diturut ku sakabéh rahayatna. Unina kieu,

” Salamet, dina taun Saka 952 bulan Kartika tanggal 12 bagian terang poé Hariyang-Kliwon-Ahad wuku Tambir. Ieu nalika raja Sunda Maharaja Sri Jayabhupati Jayamanahen Wisnumurti Samarawijaya Sakalabuanamandaleswaranindita Harogowardana Wikramotunggadewa nyieun tanda di wétaneun sanghyang tapak, dijieun ku Sri Jayabhupati Raja Sunda jeung ulah aya nu ngarumpak katangtuan di walungan ieu. Ulah aya nu néwak lauk di walungan belah dieu ti wates wewengkon kabuyutan sanghyang tapak béh hulu…………”

Istilah kabuyutan salajengna aya dina naskah kuna Sunda titinggal abad ka-13 M, nyaéta naskah Ciburuy atawa Naskah Galunggung nu katelah Amanat Galunggung atawa Amanat Prabu Guru Darmasiksa.
Dina naskah Bujangga Manik, istilah kabuyutan téh nujul ka tempat-tempat ritual kaagamaan.

  • Rabut Palah
  • kabuyutan Majapahit
  • nu disembah ku na Jawa

Kabuyutan Astana Gedé

Kabuyutan Astana Gedé Kawali mangrupakeun situs sajarah titinggal Karajaan Sunda. Sawatara ahli malah ngaduga-duga yén ieu situs téh mangrupakeun situs penting ti saméméh karajaan Sunda. Situs ieu ayana di Kawali, kaléreun Kota Ciamis.
Di kabuyutan ieu aya sababaraha prasasti (katelah prasasti Kawali) titinggal Karajaan Sunda mangsa Prabu Niskala Wastu Kancana. Salahsahiji tulisan dina prasastina, nyaéta “Mahayunan Ayunan Kadatuan”, dijadikeun motto juang Kabupatén Ciamis.
Lian ti prasasti, di kabuyutan ieu aya sababaraha artéfak séjénna :
• batu disolit, nyaéta tempat ngistrénan raja, katelahna Palangka.
• batu nu aya ukiran tapak leungeun kénca jeung dua suku, sarta sababaraha garis
• tilu batu ménhir: Batu Panyandaan, Batu Panyandangan, jeung Batu Pamuruyan.

Sumber rujukan
Kabuyutan untuk pengelolaan lingkungan, artikel ti Sundanét.com
Noorduyn, J. 1982. Bujangga Manik’s Journeys Through Java: Topographical Data from an old Sundanese Source. Dina BKI. Deel 138, ‘S-Gravenhage: Martinus Nijhoff. Kaca 413—42.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s