Aksara Sunda

Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Aksara Sunda nujul ka hiji sistim ortografi hasil karya masarakat Sunda nu ngawengku aksara jeung sistim kaaksaraan pikeun nuliskeun basa Sunda. Aksara Sunda ngarujuk ka aksara Sunda Kuna nu kungsi dipaké sahanteuna ti abad ka-14 nepi ka abad ka-18.

Sajarah

prasasti_kawaliPrasasti Astana Gedé Kawali ti jaman Sunda-Kawali abad ka-15, tulisanana maké aksara Sunda Kuna.
Salian ti aksara Sunda Kuna, kaadaban Sunda ogé kungsi wanoh jeung sababaraha sistim aksara lianna, di antarana :

  • aksara Pallawa atawa aksara Pra-Nagari anu dipaké pikeun nuliskeun basa Sangsakerta, dipaké nepi ka abad ka-7,
  • aksara Sunda Kuna anu diturunkeun tina aksara Pallawa.
  • aksara Cacarakan atawa aksara Jawa, sacara umum marengan asupna Islam jeung kaadaban Jawa ka Cirebon (abad ka-16) jeung Priangan (abad ka-17),
  • aksara Pegon, utamana di lingkungan pasantrén, ku asupna ajaran Islam ti tatar Arab,
  • aksara Latin, mimiti dipaké ahir abad ka-19, diwanohkeun ku pangjajah Walanda.

Aksara Sunda pikeun nuliskeun ngaran bangunan di salah sahiji paguron luhur di Bandung.
Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2003 geus ngarojong aksara Sunda pikeun pakéeun sapopoé.

Komputerisasi

Komputerisasi aksara Sunda nalika medarna publikasi resmi ngeunaan aksara Sunda ti Pamaréntah Jawa Kulon. Conto mimiti nyaéta “Aksara Pakuan” dina wanda OTF.
Salian ti éta, dina bulan Januari 2006, proposal pikeun ngodekeun Aksara Sunda dina format Unicode geus dikirimkeun ka konsorsium Unicode [3]. Prosés ieu bakal jalan dua taun lilana. Diharepkeun dina taun 2008, aksara Sunda geus asup kana susunan Unicode versi 5.0.

Susunan Aksara Sunda
Aksara Sunda diwangun ku sababaraha komponén, diantarana:
• aksara ngalagena
• vokal mandiri
• aksara swara
• tanda baca
• angka

Aksara Ngalagena

ngalagena
Aksara Vokal Mandiri

vocalmandiri

Aksara Swara (Vokalisasi)

aksaraswara

Angka

angka
Conto makéna
Asmarandana
asmarandana

Éling éling masing éling,
rumingkang di bumi alam,
darma wawayangan baé,
raga taya pangawasa,
lamun kasasar lampah,
napsu nu matak kaduhung,
badan anu katempuhan.

Referensi :

Dangiang Aksara Sunda, teuleuman filsafat Abah Surya ngeunaan aksara Sunda di Sundanét.com
http://jamparing.sytes.net/aksara/
http://std.dkuug.dk/jtc1/sc2/wg2/docs/n3022.pdf

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s