Smandanova's Blog


Syarat nyandung / hayang kawin deui
Agustus 16, 2009, 5:58 am
Diarsipkan di bawah: Humor Sunda

Mang Ontohod geus rada lila rumah tanggana boga anak dua, hiji mangsa menta ijin ka pamajikanana rek kawin deui.

” Manehna, uing hayang kawin deui, kira-kira diijinan moal ? ” ceuk Mang Ontohod hiji waktu.” Atuh mangga teh teuing hoyong nikah deui mah, ku urang rek diijinan ” jawab pamajikan Mang Ontohod.

Pohara bungahna Mang Ontohod pedah diijinan kawin deui.

” Hade ku urang diijinan ngan syaratna aya tilu ” pamajikan Mang Ontohod neruskeun omonganan.

“Cik…cik….cik naon tah syarat na, bejakeun ka uing…” Mang Ontohod panasarn.

” Syarat ka hiji…anjeun kudu adil nafakah bathin jeung nafakah lahir ” ceuk pamajikan Mang Ontohod

” Atuh eta mah gampil lah uing bisa adil rarasaan mah ” Jawab Mang Ontohod enteng.

” Terus syarat nu kadua naon tah ?” Mang Ontohod semu teu sabar

” Syarat kadua…anjeun teh kudu mapan dina panghasilan supaya cukup keur biaya hirup ” Pamajikan Mang Ontohod neruskeun.

” Atuh eta mah katinggali sorangan pan urang teh cukup sandang cukup pangan, bro di juru bro di panto, ngalayah di tengah imah ” Tembal Mang Ontohod gesit.

” Anu katilu…anu katilu naon syarat na tah ?” Mang Ontohod panasaran bari seseblakan.

” Syarat anu katilu ……. LANGKAHI DULU MAYATKU ” Jawat pamajikan Mang Ontohod singkat.

Singkat carita pamajikan Mang Ontohod gering ripuh mulan malen. Jigana ninggali syareat mah bakal mulang ka asal di punut ku nu Rahayu.

Hiji poe pamajikan Mang Ontohod nyalukan Mang Ontohod

” Kang kadieu heula sakeudeung, abdi aya wasiat ” pamajikan Mang Ontohod nyalukan salikina, dareuda.” Aya naon manehna, sok geura tepikeun wasiatna ” Ceuk Mang Ontohod.

” Bareto Akang menta ijin ka urang yen akang rek kawin deui ” Pamajikan Mang Ontohod ngamimitian carita.

” Enya kitu tea mah uing teh hayang kawin deui, mung manehna jiga nu teu ngijinan, beurat syaratna teh gening” Ceuk Mang Ontohod.

” Ayeuna mah jig bae bisi Akang rek kawin deui mah, urang mah jigana moal panjang umur, batan kieu kaayaan awak teh, …ngan aya syaratna opat rupa mun Akang rek kawin deui” ceuk pamajikan Mang Ontohod dareuda.

Mang Ontohod curinghak, ngadenge pamajikanan ngijinan kawin, ” Sok atuh geura tepikan naon tah syarat-syarat na teh.

” Syarat ka hiji, mangga teh teuing akang kawin deui, saba’da na urang geus euwuh di alam dunya ” Ceuk pamajikan Mang Ontohod, cipanon teu elat reumbay murukpuk.

” Muhun atuh akang oge moal tega, kawin deui salila anjeun hirup keneh mah, pan kitu lain hartina syarat anu katilu ” LANGKAHI DULU MAYATKU baheula gening”, terus naon syarat anu kaduana ” Mang Ontohod neruskeun.



Tukang Kai
Agustus 16, 2009, 5:57 am
Diarsipkan di bawah: Humor Sunda

Aya tukang ngala kai di leuweung nu kahirupanana kacida miskinna. Hiji waktu, basa manehna keur nutuhan dahan kai nu ngaroyom ka walungan, kampakna locot, ngacleng ka walungan. Si Tukang kai teh ceurik bari ngadoa ka dewa, doana kadanguan ku Dewa, Dewa turun ti langit teras naros : “Hey…kunaon maneh ceurik?”

Si Tukang Kai eta ngajawab yen kampakna tikecemplung ka walungan, padahal manehna perlu pisan eta kampak keur balangsiar. Dewa langsung teuleum ka walungan, terus mucunghul bari mamawa kampak nu dijieun ku emas, “Ieu kampak anjeun teh?”

Tukang kai ngajawab : “Sanes!”

Dewa ngagejuburkeun deui ka walungan, terus teuleum deui, teu kungsi lila mucunghul deui dina leungeunna mamawa kampak nu bahanna perak, terus nanya ka tukang kai , “Sugan nu ieu kampak anjeun teh?” Sakali deui, tukang kai ngajawab : “Sanes!”

Gejebur deui, dewa teuleum deui, basa mucunghul deui mawa kampak tina beusi, anu memang kaboga si tukang kai, “Ieu meureun kampak anjeun teh?”

Tukang kai ngajawab: “Sumuhun, leres Gusti !”

Dewa kacida gumbirana, aya jelema jujur kacida, eta tilu kampak sadayana dipasihkeun supaya disimpen ku tukang kai. Tukang kai balik ka imahna bari jeung kacida bungahna.

Hiji waktu tukang kai teh leumpang jeung pamajikanana di sisi walungan. Dasar keur apes pamajikanana tikosewad, tepi ka tigebrus ka walungan. Si Tukang kai ceurik deui bari ngadoa ka dewa. Doana kadangueun ku Dewa, dewa turun ti langit teras naros : “Kunaon deui anjeun ceurik?”

Si Tukang kai ngajawab pamajikanana tikecemplung ka walungan, gancangan dewa neuleuman walungan, terus mucunghul bari mawa Deasy Ratnasari, terus naros: “Ieu pamajikan anjeun teh?” Na ari pok teh: “Leres, eta pamajikan abdi teh!”

Dewa teh kacida ambekna, teras nyarios : “Anjeun bohong!, teu jujur!”

Si Tukang kai teh ngajawab bari ampun-ampunan :

“Aduh gusti abdi nyuhunkeun dihapunten, sanes…..sanes….kitu maksad teh, ieu mah salah paham. Kieu geura Gusti, upami abdi ngajawab eta sanes pamajikan abdi, engke Gusti teuleum deui, nyandak… Dian Sastro, upama ku kuring dijawab deui eta mah sanes pamajikan abdi, Gusti teuleum deui nyandak pamajikan abdi, teras ku abdi disumuhunkeun eta pamajikan abdi. Engke ku Gusti nu tiluan sadayana dipasihkeun ka abdi. Gusti, terang nyalira abdi teh jalmi miskin teu mungkin gaduh pamajikan satilu-satilu, kumargi kitu abdi gancangan we ngajawab leres, waktos Gusti nyandak Deasy Ratnasari teh!”



Sipat jalma dumasar kana rupa-rupa hitutna
Agustus 16, 2009, 5:54 am
Diarsipkan di bawah: Humor Sunda

Jalma jujur, Jalma nu daek ngaku mun geus hitut

Jalma teu Jujur, Jalma nu hitut tuluy nyalahkeun batur

Jalma belegug, Jalma nu nahan hitut mangjam-jam lilana

Jalma nu berwawasan, Jalma nu apal iraha kuduna hitut

Jalma nu Misterius, Jalma nu hitut tapi batur euweuh nu nyahoeun

Jalma nu sok gugup, Jalma nu ujug-ujug nahan hitut mun keur hitut

Jalma nu Percaya Diri, Jalma nu yakin yen hitutna seungit

Jalma nu Sadis, Jalma nu hitut bari dibekep ku leungeun tuluy dibekepkeun ka irung batur

Jalma nu Isinan, Jalma nu hitutna teu disada tapi ngarasa isin sorangan

Jalma nu Strategic, Lamun hitut sok bari seuri ngagak-gak meh nutupan sora hitutna

Jalma nu Bodo, Lamun geus hitut tuluy narik napas keur ngagantian hitutna nu kaluar

Jalma nu Pedit, Lamun hitut dikaluarkeun saeutik-saeutik nepi ka disada tit..tit..tit…

Jalma nu Sombong, Jalma nu sok ngambeuan hitutna sorangan

Jalma nu ramah, Jalma nu sok resep ngambeuan hitut batur

Jalma nu tara gaul, Mun hitut sok bari nyumput

Jalma nu Sakti, Mun hitut bari make tanaga dalem

Jalma nu pinter,Jalma nu bisa nyirian hitut batur

Jalma nu sial, Mun hitut kaluar jeung bukur-bukurna.

naha teu ditambahan ku jalma anu sarakah,,,,,,,nyaeta jalma anu hitut kaluar jeung bukurna tuluy di asaan ku sorangan,,,

Ngomong-ngomong soal hitut, aya hiji carita ….

Kang Asep jeung kang Emod ngadu hitut ….

Kang Asep: “Tah, dengekeun hitut aing !”

(Kang Asep ngebekem bujurna ku leungeun ….Ajaib….. Pas leungeunna ngabekem bujur, kaluar sora hitut: COCA Pas bekeman dibuka, kaluar sora: COLA, Nepi katilu kali kaluar sora hitutna: COCA COLA, COCA COLA, COCA COLA!

Ari Kang Emod embung eleh ….

Golosor calana dibuka

Diasupkeun curuk kana … (punten) liang taina

Leuwih ajaib: kaluar sora hitut: SPRIIIIIIII……………………………..TE !!!!!!!